Aya jodo, anu keuna kana paribasa “jodo mah jorok”. Tara make pipilih, ari geus srek mah jeung hate, ceuk batur goreng patut oge, masing karek papanggih oge, masing kurang diidinan ku kolot oge, belaan tunggul dirarud, catang dirumpak, teu burung ngahiji, teu burung ngajodo. Teu ningali rupa, teu ningali saha, ti mana, urang mana, teu ningali anak saha. Ari bogoh mah duanana, der bae ka bale nyungcung, hirup runtut raut, sauyunan, sabagja sacilaka, nepi ka boga turunan, anak incu, nepi ka dipisahkeunana ku pati.
Aya oge jodo anu kudu sabar nungguanana. Anu kieu mah pikeun anu can kaparengkeun dibere jodo ku Nu Maha Kawasa. Padahal mah teu kurang-kurang geulisna, kasepna, dedeg sampe rupa hade. Atuh turunan, lain turunan jalma jore-jore, sakola luhur, kabisa masagi, pinter, boga jabatan, loba tingalieunana, tapi ari can waktuna mah manggih jodo, tepi ka ayeuna masih kenah lalagasan, padahal anu sapantaranana mah geus reuay ku anak incu,.
Aya deui jodo, anu lalakonna teh bet kudu nguriling mapay nu rumpil. Wawuh geus ti jaman baheula, geus papada wanoh ti anggalna. Sagulung sagalang sapopoena. Duanana papada boga rasa sir, tapi teu kedal, teu kaucapkeun, ngan ukur dipendem dina atina masing-masing. Waktuna rimbitan, terus papisah jauh, nuturkeun rumah tanggana sewang-sewangan. Mangtaun-taun teu beja teu carita, ari panggih deui, duanana geus pipisahan, geus lelengohan deui, da rumah tanggana jauh tina beres roes. Atuh bet siga anu dijalanan, mobok manggih gorowong, rasa anu teu kungsi kedal, lain ngan saukur dibudalkeun, tapi terus dipageuhan ngajadi hiji rumah tangga anu anyar. Lamun nyaho kitu mah, ti baheula we atuh nya, make ngadon kukurilingan heula, mapay-mapay anu rumpil. Tapi balik deui kana papasten, geus keresana Gusti nu matak kitu oge meureun.
Aya oge anu estu matak pujieun batur. Papacangan ti jaman papada sakola, duanana pengkuh, teu galideur, teu ngalaman kagoda ku nu lian. Kanyaah, katresna, tamplok sakabehna, teu nyesa keur nu lianna, tepi ka waktuna diresmikeun ku ijab kobul di hareupeun naib. Atuh pas beber layar, ngambah sagara rumah tangga, bisa disebutkeun, rumah tanggana teh rumah tangga anu sakinah, mawaddah, warohmah
Tidak ada komentar:
Posting Komentar