SI AKI
Saleresna mah sanes aki pituin, tapi aki ti gigir (kapiaki kitu?). Ku sim kuring disaurna teh Aki bae, ka istrina Mimih. Teu pupuguh nyaeta ieu teh bet ras emut ka anjeunna, asa ngalangkang bae dina kongkolak panon, sarengkak saparipolahna, soantenna, dangdosannana. Padahal mah jalmina tos teu aya, ngantunkeunnana oge parantos lami, kirang langkung taun 93-an, upami dietang mah parantos 17 taun. Diguar soteh, bakating ku nineung sanes kanten. Si Aki teh, urang kampung bau lisung, kampung anu jauh ka bedug, tapi sagalana ngota pisan. Boh dina dangdosan, karesep, kagaduh, sareng tingkah polah sadidintenna. Dangdosan teu weleh rapih, lancingannana sok nganggo pantalon anu teu weleh ngajiripit kengeng nyetrika ku setrika areng, kaluhurna nganggo kameja anu dikanji, luarna ditutup weh ku acuk haneut. Teras nganggo tasma, teu kakantun nganggo peci atanapi topi laken. Sapatuna, sapatu kenip, anu ramona katingal tea geuning. Tegep weh katingalina, komo kanggo ukuran urang kampung mangsa harita mah, anu seuseueurna, ari sanes padamel kantoran mah, cekap ku disasarung, calana komprang, sendal tarumpah, tos cekap. Ari dedeganna mah, biasa si Aki teh, malah kuru-kuru acan, panginten pedah ku sabab “perokok berat”, ngantunkeunnana oge waktos harita teh ku gaduh panyawat paru-paru. Ari pacabakannana, padamel kantoran sanes, patani sanes, komo deui guru mah, sanes. Wirausaha tea panginten kasebatna. Panghasilan anjeunna teh, salian tina hasil kebon sareng sawah, gaduh mobil elf hiji. Jurusan Sukabumi Cianjur, anu nyandakna mah batur, si Aki mah kantun nampi setoranana bae, tokehna istilahna mah. Di sagedengeun eta, ternak hayam negri weh sareng miara sapi perah sababaraha hiji. Leresan ternak hayam, upami panen teh si Aki sok nyewa treuk, upami pas wanci bade lebaran tos sasih saum, sim kuring sok ngahaja diajak ku Mimih ka kota numpang treuk hayam tea, calik dipangku dipayun gigireun supir, sateuacanna, kedah ngaleueut antimo, dan sok mabok, ma’lum urang kampung tea, naek mobil oge keur jarang teh, lalakonna rada tebih deuih ka kota teh, jalanna oge masih keneh taringgul, teu acan mulus sapertos kabehdieunakeun. Mangsa harita mah, ka lembur sim kuring, angkot teh masih carang keneh pisan, ngantosanana oge, kedah 3 jam sakali mah panginten. Janten treuk hayam oge kedah dimangpaatkeun ari hoyong geura-geura mah. Lajeng, karesepna si Aki. Urang kampung, tapi karesepna mah ngota, mangsa batur mah boro-boro maos majalah, si Aki mah tos maosan majalah Mangle (majalah basa Sunda). Mangsa batur mah teu acan gaduh tip kanggo nyetel kaset, anjeunna mah sanes bae tos gaduh tip sareng radio, TV oge tos gaduh, otomatis deuih koleksi kasetna oge seueur. Ti kawit D’ Lloyd, Koes Plus, A. Rafiq, Degung, Jaipong, Keroncong, teu kakantun kaset Quro sareng gambus atanapi kosidahan. Lengkep pan? Tah upami subuh-subuh, pangpayunna anu disetel teh kaset quro, soanten nu ngaos mani ngalanglaung (da nganggo salon sagala apan), qorina upami teu H. Mu’amar ZA, H. Nanang Qosim. Harita mah mani ngetop eta dua qori teh, katambih waktos harita mah, musabaqoh tilawatil qur’an teh nuju nanjeur, teu sirikna unggal taun aya, boh di kabupaten atanapi tingkat propinsi, mani pada ngadeugdeug. Tos seep kaset quro, disambung ku kaset gambus sareng kosidah. Rada siangan, nembe tah kadangu degung, jaipong, lagu pop Indonesia anu nuju top mangsa harita. Janten teu aneh, masing leres oge sim kuring teh generasi rada beh dieu, tapi apal pisan kana lagu-lagu lawas teh, lagu anu kedahna mah karesep aki-aki. Da panginten ieu ceuli ti aalit teh tos ngadangukeun lalaguan karesepna si Aki tea, heg unggal dinten deuih, tara kalangkung eta teh. Lagu keroncong oge, ti ngawitan Jembatan Merah dugi ka Selendang Sutera, apal sim kuring teh, jasana si Aki panginten tah. Malihan mah, lagu-lagu tina albumna Mashabi, apal sim kuring teh. Padahal pantaran sim kuring mah, kedahna mah teu arapal lagu nu karitu, he..he.. Nuju jamanna kamera nembe aya oge, tos meser si Aki mah. Janten, dokumentasi putu-putuna mangsana nuju aralit, kalebet si kuring, aya tah.. Anu matak helok mah, Si Aki teh gaduh geureuhana dua, anu anom sareng anu sepuh. Tapi, eta mani ku akur duanana teh. Anu anom ngahormat ka anu sepuh, teu nincak hulu. Atuh anu sepuh, teu ngaraos dipangnyerikeun, ngaping bae ka nu anom teh. Layeut kaditu kadieu teh. Malihan, upami nu anom sumping nganjang ka anu sepuh, kulemna oge mani sok sakamar, saranjang tiluan, sanes bohong eta teh. Anu teu sasarengan teh, siram bae panginten. Anu lucu mah, ku kakontrasan anu anom sareng anu sepuh. Tina dangdosanana wae, tos benten. Nu anom mah modern, anggoannana, erok, rambut teu disunggal sanggul, ngota we lah. Ari anu sepuh sawangsulna, anggoannana kabaya, disinjang, rambut digelung, teras dicindung. Ari yuswa mah sigana teu patos tebih. Na gaduh jampe naon atuh nya si Aki teh, dugi ka tiasa kitu? Repeh-rapih bae tara kakuping aya cekcok atanapi parasea, tiis ceuli herang mata kadangu sareng katingalina teh. Upami nuju kilir ka anu anom (bumina di kota), sok tiiseun, da ari Mimih mah tara tual toel sagala kana tip atanapi radio. Ayeuna mah mung kantun nineungna bae ka si Aki teh. Anu teu disangka-sangka, kaset-kaset lawas tea, masih keneh aya, rapih disimpen dina rak kaset, luhureun buffet di tengah bumi si Mimih. Foto si Aki oge, anu masih hitam putih, masih dipajangkeun ku Mimih teh, nuju nganggo topi laken, kumisan, nuju anom keneh. Ayeuna mah kantun nineungna, moal tiasa patepang deui. Ari baraya anu sanes, gaduh dongeng Aki atanapi Nini anu pikanineungeun sapertos sim kuring?
Tidak ada komentar:
Posting Komentar