Asa ngajenghok dina hiji waktos, abdi maca salah sawios status salah saurang rerencangan dina FB, yen anjeunna mah moal tuturut munding siga anu sanes updat apdet status nganggo basa Inggris, saha atuh cenah anu bakal ngamumule basa Sunda sabage basa indung ari sanes urang Sundana sorangan, bari rada sinis kadanguna teh. Janten rada teu raos abdi teh, muhun mani asa kasindiran, sanaos abdi oge yakin teu pisan-pisan eta rerencangan teh nujukeun eta kalimah teh ka abdi sorangan.
Rada isin abdi teh, da mani asa nenggel pisan, muhun apan abdi oge kalan-kalan mah updat updet status dina pesbuk teh sok nganggo basa Inggris, nya kitu kuman komen oge, upami statusna basa Inggris, abdi sok ngomenan ku basa Inggris deui. Tapi teu pisan-pisan, sanes hoyong katangar, teu pisan-pisan abdi seja mopohokeun basa Sunda, tos teu niat ngamumule deui basa indung, ampun paralun. Kitu soteh kaleresan bae abdi tiasa basa Inggris sautak saeutik, anu pas-pasan tea geuning, boboro cas cis cus siga anu sanes mah, he he he.
Kaduana, kaleresan deuih gaduh rerencangan di dunya maya teh salah sawiosna urang asing, anu pastina oge, boboro basa Sunda, basa Indonesia oge moal apaleun.
Katiluna, numutkeun pamendak saabdieun, jalmi bodo, teu kirang-kirang pentingna tiasa basa Inggris teh, kalah kumaha oge tos janten basa nomor hiji di dunya. Malihan mah pastina bakal langkung sae upami tiasa basa asing anu sanesna. Ku hoyong abdi mah tiasa basa Arab, basa Jepang, basa Perancis, basa Mandarin, sareng anu sanesna. Komo basa Arab mah, kieu-kieu oge abdi teh nganut agama Islam, kanggo neuleuman eusi Al-Quran teh pastina oge kedah tiasa basana. Ari abdi mah boro-boro apan. Satimu-timuna we waktos sakola agama sareng ngaos kapungkur nuju keur budak.
Janten sakali deui, nganggo basa Inggris teh sanes hartosna atos mopohokeun sareng sanes tos teu ngamumule deui basa Sunda. Ngamumule basa indung, mikacinta, mikanyaah basa Sunda ulah ngahalangan kanggo gaduh katiasa basa asing. Tapi asa gaduh dosa deuih abdi teh. Eta, pun anak di rorompok, sadidintenna oge nyariosna teh nganggo basa Indonesia, asok eta oge ngahaja diajak nyarios basa Sunda, tapi sesah pisan tiasana geuning, da Apa-na apan kawit ti Jawa Tengah, sadidintenna nyarios basa Indonesia sareng basa Jawa. Pun anak oge kalan-kalan asok diajak nyarios basa Jawa. Janten lieureun panginten pun anak teh. Hampura indung nya kasep, teu bisa ngawariskeun basa luluhur ka hidep …
Tidak ada komentar:
Posting Komentar