NYOREANG KATUKANG
Teu karaos geuning lalampahan teh tos nuju ka sareupna, asa cikeneh sim kuring budak leutik olol leho, teras mangkat rumaja, ayeuna tos langkung ti ngan sakadar awewe dewasa. Dina implengan, sok sering sim kuring nyoreang ka tukang medar lalakon baheula. Bray-brayan ngolebat minuhan alam lamunan. Sok anteng ngahaja diemut-emut, kalan-kalan sok aya gerentes na hate, ku hoyong balik deui ka mangsa ka tukang. Ayeuna oge dipedar di dieu, salah sawiosna pedah abdi nuju emut ka mangsa keur budak. Seueur anu masih keneh kagambar dina implengan, saringkak paripolah harita. Mangsa-mangsa endah anu moal tiasa kaalaman deui. Sim kuring kawit ti hiji lembur, anu sanaos teu kalebet lembur singkur, tapi henteu caket deuih ka kota, kedah nganggo kendaraan kirang langkung 15 menitan. Lembur sim kuring ayana dina suku Gunung Gede, di Sukabumi, caket pisan ka perkebunan sareng pabrik enteh Goalpara kagungan pamarentah. Mangsa sim kuring sakola SD, pimanaeun tumpak angkot siga barudak jaman ayeuna, ka sakola teh mapah bae, da caket ari kitu tea mah deuih, sakilo mah aya panginten. Mulang ti sakola sok mabal mapay sawah, tah palebah mapay sawah tea, sanaos budak istri, aya wae bangorna mah. Upami aya sawah anu dikebonan bonteng, upami teu aya anu gaduhna, sok wantun ngala dua tilu siki mah, teras digogosan sapapanjang galengan bari tingcikikik sareng rerencangan. Dur lohor, geuwat siap-siap mios ka sakola agama, mapah deui wae da caket pisan, suhunan madrasahna oge katingal ti rorompok teh. Diajar teh ngampar dina samak, sakelas-sakelasna kinten-kinten mung ukur tujuh dugi ka sapuluh urangan mah. Teu aya pamisahna. Anu janten guru, Mang Adul, santri senior di Pasantern. Nu diajarkeun teh Tauhid, Fiqih, Ahlaq, Tajwid, Silsilah Nabi sareng sajabina. Emut keneh sok disetrap tah ku Mang Adul teh, da eta sering aya nu kedah ditalar, giliran maju ka payun, seueur hilapna. Wanci Asar tos mulang. Sanes gura-giru mandi, tapi kalah diteraskeun ku maen ucing sumput, kasti, galah, sareng anu sanesna kaulinan barudak kampung. Wanci sareupna nembe mandi, kitu ge ngubek kulah batur, ngojay sareng rerencangan dugi ka disieuh-sieuh ku nu gaduh kulahna, bari ngawekwek da lauk janten marabok. Wanci sariak layung tos mios ka kobong, ka pasantren istri, di dinya-dinya keneh sami sareng madrasah tea. Pengkereun kobong, aya kulah anu Ibu Haji Saadah, kacida ageungna, tah ngantosan magrib, sok ngobrol di sisi kulah sareng rerencangan, sabari nyawang panon poe di beulah kulon mangsana surup. Aya ku endah wanci kitu teh, wanci sariak layung, di luhur, manuk sareng lalay gegeleberan, sora sasatoan sabangsaning tonggeret rame disarada, upami nuju kaleresan, sok ningal katumbiri. Dur magrib pahibut ka kobong ka pasantren istri tea, rengse sholat magrib berjamaah, teras ngaos Quran, diteraskeun diajar deui naon-naon anu diajarkeun di sakola agama anu lohor tea. Kitu-kitu keneh. Bentenna ari ngaos nu ieu mah barudak istri wungkul, barudak pameget mah ngaosna di masigit. Hanjakal teu aya anu junun, boh sakola agama boh ngaos, teu dugi ka cacap. Ayeuna mah kantun kaduhungna bae. Padahal mah sadayana gratis, kantun daekna bae. Bada isa nembe bubar, upami malem Kemis, sok ngantosan acara Aneka Ria Safari dina TVRI. Dur subuh tos giridig deui ka kobong wangsul kinten-kinten wanci carangcang tihang, gejebur-gejebur mandi teras saged bade ka mios sakola. Kitu bae sadidintenna sim kuring mangsa budak teh. Anu moal hilap teh deuih, sareng anu pikaresepeun, mangsana ku pun aki ku pun nini diajak ka sawah, boh ningal panen. Ngiring ancrub pas mangsana tandur, tumpak kebo oge ngalaman. Ngiring ngagiringkeun lauk upami ngabedahkeun kulah. Mangsana metik enteh, oge tara kakantun ngiring, ngagilesna oge anu ku panangan tea sok ngengklokan ngiringan. Nutuan pare dina lisung oge asok ngarewong. Upami bade mupu bubuahan di tegal oge sok ngiring tara kakantun. Kaleresan pun aki teh rajin, mani sagala dipelak, ti ngawitan duren, dukuh, kokosan, manggu, menteng, sadayana aya. Anu ayeuna sok hanjelu teh perkawis meri. Kapungkur mah pun nini teh ngingu meri, endog asinna oge sok ngadamel nyalira. Teu kantos tah neda daging meri the nuju budak mah, teu resep. Na ari ayeuna, karesep pisan kana nasi bebek teh, raos geuning daging meri teh. Aduh, teu karaos geuning nyoreang ka tukang teh mani tos ngemplad kieu, anu padahal mah seueur keneh dongengkeuneunana teh, boa matak bosen anu maraos, kitu oge upami aya anu keresa maosna ketang, heuy deuh. Sanes waktos disambung deui. Susuganan atuh aya baraya anu gaduh dongeng anu kirang langkung sami sareng sim kuring, upami aya waktos mah sok tuh dongengkeun…..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar