Rabu, 03 Agustus 2011

Katalangsara Ku Hujan

Mangkaning bewara ti BMG (Badan Meteorologi Dan Goefisika) teh, usum hujan anu jiga kiwari teh masih keneh mangbulan-bulan deui. Beu, kacipta, kumaha luh-lahna, kumaha rudetna abdi sapopoena ngalakonan hirup anu pantar kieu. Ampun paralun, sanes aral subaha, teu nyukuran kana naon-naon anu tos dipaparin ku Gusti Allah  (nanging rumaos eta oge, abdi tukang rumahuh ketang). Nyarios kieu soteh bakating ku hoyong bae ngabagi pangalaman ka sadayana.

Upami teu lepat, tos ti sasih Juli mula hujan ngecrek kieu teh. Malihan mah beuki dieu, asa mingkinan sering. Teu sirikna unggal dinten, ageungna oge sanes deui. Upami tos cur teh, sorana mani seah. langitna mani hideung angkeub kacida, saur paripaos mah poek mongkleng buta rajin. Atuh gelap mani dor dar tingjeleger patembalan sareng angin anu pating gelebug, matak sawan matak ketir. Padahal mah upami nilik enjing-enjingna, na da teu siga-siga bade hujan. Srangenge anu sakitu moncorongna, langit anu sakitu bengrasna, malihan majeng ka tengah poe, panon poe teh mani moreret, matak wegah lunta, bade ingkah kaluar teh mani inggis, nembe nincak pakarangan oge raraosan kulit teh mani asa karerab. Tapi teu lami eta teh, lalaunan langit reup-reupan, ujug-ujug ceudeum, disusul ku kilat pating barasat, guludug pating beledug, breg bae hujan siga anu dicicikeun ti langit.

Upami tos kitu, sok janten leutik hate, bingung ngemutan kumaha wangsul. Da nya kitu tea, lalakon ti pakulian ka rorompok teh sanes lalakon anu caket. Heg naek beus, heg pangawak awewe. Dina teu hujanna oge, rata-rata dua jam dugi ka rorompok teh, da kahalangan ku macet tea. Atuh komo deui katambihan ku hujan, jalan kacaahan di mana-mana, mingkinan macet, mingkinan wengi we abdi dugi ka rorompok teh.

Upami tos dongkap rudet, sakapeung mah sok ngalamun, sok hoyong hos weh ngadadak beunghar, ngarah teu kula-kuli deui. Kantun ucang angge, curuk kantun ngacir ngutah ngetah batur. Tapi ketang, apan matak sim kuring kieu teh bakating ku gaduh bakat tea. Bakat ku butuh!!! Bakat anu luhur sareng mulya. He he he .. Da upami teu gaduh bakat ku butuh tea mah, ah teu hararoyong ngala artos mani tisusut tidungdung kitu, hulu dijeun suku, suku dijieun hulu teh enyaan pisan. Sanes ngawadul, baraya …

Tapi sok enggal-enggal meper maneh, ngahibur diri sorangan. Da geuningan di sakolong langit teh sanes mung abdi sorangan anu ngalakonan katalangsara ku hujan jiga kitu teh. Prah bae, malihan mah teu kirang-kirang anu kasesahna langkung ti abdi. Bumina langkung tarebih, kandaraanana langkung sesah, yuswana tos sarepuh, saluhureun abdi, tapi damang we geuning, teu kua kieu. Tos teu aneh deui, dur-duran isa teh, di halte beus atanapi di handapeun jambatan layang masih keneh ngagimbung, para wanoja, ibu-ibu, barudak sakola, para mahasiswi, ngantosan beus, ojeg, taksi, jemputan pribadi, omprengan, bari ngahodhod ku tiris, cangkeul mah tong dicarioskeun deui.  Ku ningali kitu oge, sok ngagedean hate abdi, tong sok leutik burih cekeng teh ka diri  sorangan. Tuh batur oge sarua wae jeung kuring.

Mugi-mugi ya Allah, abdi dipaparin kakiatan sareng kaikhlasan ngalakonan sadayana ieu, abdi seja ibadah, seja nyumponan kawajiban supados dapur ngebul, supados pun anak tiasa sakola, supados pun anak sehat sabihara-sabihari deui, sawios bari jeung heureut pakeun oge, amien …..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar