Ku naon nya ari kuring, asa teu bosen-bosen nginget-nginget mangsa keur budak, rarasaan teh mani asa ku nineung kana sagala-galana. Nu enggeus-enggeus mah sok inget kana kalakuan kuring jeung sarengkak paripolah sapopoe jaman keur budak, ari ayeuna mah bet rus ras ka bumina ema jeung ayah (kuring ngabasakeun ema ka nini, ayah ka aki). Eta kitu, pedah kuring mah ti leuleutik digedekeun teh ku nini jeung ku aki.
Ari ayeuna mah geus teu aya tah bumina nini aki teh, teu lami saatos aranjeunna dipundut Ku Nu Kagungan, bumina oge diruag, eta teh kira-kira taun ‘86-an.
Kieu geura gambaranana teh:
Wangunana semi permanen, ka handapna ku tembok, ka luhurna ku bilik anu dikapur kandel, bleg bae tembok teu siga-siga bilik. Imahna di sisi jalan pisan, jalan hirup tempat angkot lalar liwat. Sisi jalan dipageran ku tembok, jangkungna
kira-kira satengah meter, handapeunana aya kamalir, anu ngamuara ka susukan leutik, pipirin imah beulah kenca, rada beh lebak, ngawates jeung panggilingan beas bogana tatangga. Eta pager sisi jalan, estu ngan saukur pikeun misahkan jalan jeung buruan bae, ngarah teu katorojog teuing. Teu aya pantoan-pantoan acan, jadi boh anu rek jajaluk, boh tukang tukang dagang, komo deui tamu anu rek nganjang, blas blus bae ka buruan, tinggal cat kana teras, terus assalamualaikum ngetrokan panto. Komo deui ari keur jalma anu geus conggah mah, tinggal nguliwed bae ka pipir, langsung muru panto tukang, panto samemeh ka dapur, panto anu
tara ditutup-tutup acan, sumawona asok dikunca-konci mah. Pasti bisa langsung manggihan pribumi, ari keur kabeneran araya mah, henteu keur kebeneran lunta ti imah.
Di sajeroeun pager anu sisi jalan tea, aya lahan saeutik, dipelakan tangkal pala kenca katuhu, buahna kaasup leubeut, komo da buah pala mah teu manggih usum, salilana buahan wae. Di antara tangkal pala anu dua tea, di tengahna dipelakan tangkal jeruk mangse, sarua eta oge, mun geus usumna buahan mani meuhpeuy, ari tangkalna pendek, atuh mun arek ngala buahna teh teu kudu ge make gantar, tinggal ngajrut, pasti karawel. Minangka pamagerna, sakurilingna eta lahan dipelakan kekembangan. Ti mimiti kembang eros, anu beureum anu bodas, tangkal suji, cacauan, meong congkok, naon mah deui, teu ararapal ngaranna, ngan mani euyeub kekembanganana teh, warna-warni matak seger kana titingalian, sarareungit matak seger aambeuan.
Tina jajaran kekembangan pamager tea, sakuriling buruan samemeh cat unggah kana teras, diamparan ku batu koral. Di gigireun teras katuhueun imah, aya tangkal malanding, anu mun keur usumna, dipupuan meh unggal poe, dipake lalab dahar, maturan lauk asin jeung sambel, malah anu kapalangna oge sok dialaan, dipencok dina lulumpang, make tarasi saeutik, rasanaaaaa …. mmm … ecoooooo … pisan. Asa moal manggih deui ku ayeuna mah.
Pipireun imah beulah kenca anu ngawates jeung susukan leutik tea sakumaha anu kasebut di luhur, aya lahan anu manjang parat tepi ka tukang ngaliwatan dapur. Dipageran ku awi. Sarua eta lahan oge pinuh ku pepelakan. Handapeun pager awi tea ngahaja dipelakan sabangsaning pepelakan anu jadina ngarambat, mararuntang mapayan pager awi. Sajeroeun pager, ku ayah dipelakan kacang roay, diturusan ku awi, sajabana ti eta, aya oge tangkal jagong, tangkal sampeu, hui boled, bangkuang, tangkal cereme, tangkal cau, jeung rupa-rupa bangba-bungbu dapur saperti jahe, kapolaga, laja, cikur, koneng, cengek, tomat, bawang, surawung, daun sadri, pandan, jeung sajabana. Teu katinggaleun tangkal waluh siem jeung waluh gede. Waluh siem mah ngahaja diparanggongan, tangkalna ngarambat dina paranggong, buah waluhna tinggarantung. Handapeunana waluh gede, mun pas keur buahan, buahna mani tingjungkiring sagede-gede telebug.
Ari wangunan imahna, manjang. Suhunan imahna masih kenah make model anu miringna 45 darajat tea, bagean teras, jeung pipir imah make sorondoy. Ari kamar sarena aya tilu kamar, kamar hareup, kamar tengah, jeung kamar tukang. Tina teras, sup ka tepas, blang bae tepi ka rohangan makan, kakarak aya panto deui, terus aya rohangan leutik, bras ka tungtung imah aya rohangan dapur, tapi wangunanana panggung, jadi rada luhur ti wangunan imahna, jadi mun arek asup ka dapur teh kudu ngalacat unggah. Titincakeunana tina palupuh, handapeun dapur, handapeun palupuh tea, diieun kandang hayam. Ari keur usuk-asak, aya eta oge kompor minyak, nyadiakeun hiji gigireun buyung wadah cai atah inumeun. Ngan lolobana mah make hawu, ayana di deukeut panto kaluar ti dapur, luhureunana make pago keur nyimpen suluh. Di rohangan dapur, aya dua rohangan laleutik, anu hiji leuit, atawa anu sok disebut pabeasan tea. Ngahaja paranti nyimpen beas, hasil sawah jeung hasil kebon, kayaning hui boled, hui sampeu, cau, peuteuy mun mangsana usum peuteuy, buah manggu, buah kadu, dukuh, jeung sabangsaning bubuahan anu sejenna mun mangsa mupu. Rohangan leutik anu hiji deui paranti nyimpen paparabotan dapur anu
tara dipake sapopoe, tapi biasana dipake pas aya hajat atawa salametan, kitulah sabangsaning katel jeung panci anu baradag.
Balik deui ka rohangan imah, jaman harita mah can ya kuramak keramik sagala, nu rada meueusan teh make tehel, tah bumina ema oge ngan ukur dipelur, tapi digurat-gurat saukuran tehel tea, jadi we siga make tehel. Cenah, keur anyaran nyicingan imah, ngahaja dikosokan make sangray kalapa, ngarah lemes jeung leucir, herang ngagenclang. Jandelana jandela kaca, panto tepas oge, daun pantona teh aya kacaan di bagian luhurna. Jandela kamar kabeh make model jandela dua rangkep. Nu di jero anu aya kacaan, dihordengan, anu bagean luarna mangrupa daun jandela, ditutup mun poe geus mangsana peuting.
Palebah paparabotanana, nya kitu, estuning paparabotan jaman harita. Korsi di tepas make korsi hoe, kitu deui meja makan. Tapi boh korsi, boh lomari, tempat sare, kabehanana rata-rata kayuna make kayu jati, wareweg. Sajabana ti korsi hoe, di tepas teh aya oge korsi jok anu modelna kabehdieunakeun, masih inget we kuring teh, kelirna hejo saulas, dijajarkeun jeung korsi hoe tea.
Ari jamban, ayana misah tina bangunan imah, ayana di luar gigireun panto dapur. Kaluar ti panto dapur, aya tetecean tina tembok, jrut nincak taneuh, teu jauh tina tetecean, aya kulah leutik dua. Tina kulah leutik eta cai dikocorkeun ku pancuran ka jamban handapeunana. Cai pamiceunana brasna ka susukan leutik anu gigireun imah tea. Ari kulah tea, leutik-leutik oge, laukna loba pisan. Lolobana lauk nila jeung mujaer, sajabana ti eta, dipelakan lauk emas jeung lele. Masih kagambar dina ingetan kuring, mun usumna ngabedahkeun kulah, terus manen lele, ceuk nu bohong tea mah, mani sagede-gede bitis, bakating ku baradag, heg si lele teh hiji-hiji dipiceunan patilna, geus beres mah diburulukeun dia ka jero kulah, ari hayang mah mindang, tinggal misahkeun bae tilu atawa opat hulu mah, moal teu wareg pisan.
Sakalieun balik ka lembur, biasana mah dina mangsana lebaran, ngaliwatan urut imahna ema jeung ayah teh, hate kuring mani sok tingsereset. Ayeuna mah boboro imahna, tatangkalanana oge geus teu nyaresa. Palebah wangunana geus ngajanggelek imah gedong, diimahan ku dulur kuring keneh, kapiincuna ema. Tangkal pala anu dua tea, geus teu aya regang-regangna acan, anu masih keneh aya teh,
bari jeung teu robah, pager imah sisi jalan, masih pager tembok dicet bodas, anu jangkunga masih satengah meter tea.
Tapi keun bae, keun imahna geus salin rupa oge, keun sakurilingna oge ges beda jeung gambaran jaman baheula, sapanjang tempatna masih keneh aya mah, sapanjang anu nempatanana oge lain sasaha, tapi masih keneh kulawedet ema keneh. Da geuning kuring masih bisa kenah nincakkeun ieu suku di buruanana, dina batu koralna anu masih sarua ….